Berikut adalah Lirik dari lagu berjudul Silih Elingan yang dibawakan oleh Adi Bewok.
Verse :
Pasti kapikir hiji mangsa bakal kapanggih
Naon nu pernah dijieun
jang bahan sampeureun
Buahna pasti sarua jeung melak bibitna
Matak hirup kudu hade jeung papada jiwa
Interlude :
Hu.. uuu.. hu.. uuu..
Verse :
Lamun kasampeur ninggang
mangsa waktu cilaka
Tong dibiasakeun nempuhkeun
atawa nyalahkeun
Ngaragap diri leuwih hade sangkan salamet
lain di dunia hungkul salametna
Nepi ka akherat
Pre Chorus :
Nu salah moal salalawasna salah
Nu bener oge pasti pernah salah
Chorus :
Urang silih elingan
Sabab urang henteu hirup sorangan
Urang silih tulungan
Sabab urang bakal kolot
Sabab urang bakal maot
Music
Bridge :
Urang silih elingan
Sabab urang henteu hirup sorangan
Chorus :
Urang silih elingan
Sabab urang henteu hirup sorangan
Urang silih tulungan
Sabab urang bakal kolot
Sabab urang bakal maot
Urang silih elingan
Sabab urang henteu hirup sorangan
Urang silih tulungan
Sabab urang bakal kolot
Sabab urang bakal maot
Credits
- Title : Silih Elingan
- Performed by : Adi Bewok
- Writen by : Adi Bewok
- Recorded at : Myd record